SASAKALA WALUNGAN CIKASO JEUNG WALUNGAN CISEREH
Jaman baheula di daérah pajampangan ngadeg hiji
karajaan, katelahna karajaan Cakra Buana. Raja na gagah sakti mandraguna
jenengannana Prabu Raksa Cakra Buana, di sarengan ku patih anu sami gagah
jenengana Patih Kebo Dongkol, Prabu Cakar Buana kagungan dua putra pameget ari
anu cikal jenengana Radén Kaso Cakra Buana atanapi sok disebat Radén Kaso, ari
anu bungsu jenengana nyaéta Radén Sereh Cakra Buana atanapi sok di sebat Radén
Sereh, éta dua putra Raja téh nyuswana teu pantos tebih mung bénten dua taun,
duanana sami tindak tandukna, malahmah raraina gé sapertos kembar Gandang
perténtang hadé réngkak paripolahna kitu deui weweséna pada gagah sakti
mandraguna, bubuhana teureuh ti ramana nyaéta Prabu Raksa Cakra Buana.
Hiji waktos Prabu Cakra Buana ngangkir dua putrana
ka karaton, atuh teu talangké deui ieu Radén kaso sareng Radén sereh énggal
sumping ka karaton nohonan pangangkir nujadi Rama, saparantos dugi ka karaton,
pok Prabu Cakra Buana misaur : Radén anaking anak ama, anu pasus di piagul tur
di pe rees ku ama kasép, hidep di angkir ku ama teuaya sanés, wiréh ama téh
geus beki kolot beki suda ku tanaga pikran gé geus ngurangan, mereun geus
mejehna léngsér dina enggoning ngokolahken ieu Nagara. Tapi ama téh bingung
sabab hidep duaan téh sasatna pantes pikeun jadi Raja, tah ku hal sakitu ama
téh rék ngayakeun saémbara pikeun hidep duaan, nyaéta saha - saha anu bisa
nyien walungan nepi ka Talanca nu aya di laut kidul jeung nu panghelana nepi
éta nu hak jadi Raja, kumaha kirana hidep sanggup.?
Pangapuntan ama, upami tempat ngawitan ngadamel
walungan téh tipalih mana.? Saur Radén Kaso bari cong nyembah. Masalah mimiti nyien walungan kumaha hidep
baé, nu penting paheula-heula nepi.
Pangaputen ama, dikawitan saémbara téh ti irah.? Saur Radén Sereh.
Ceuk implengan ama teu aya deui waktu anu merenah jeung
keuna kana itungan sakumaha wangsit jeneng Ratu di ieu Nagara, wiréh saémbara
téh di kawitan dina dinten énjing.
Ngadangu kitu ieu Radén Kaso manahna rada sebér ogé sabab anjeuna apalen
kana kadigjayaan nu janten rayi.
Pok Prabu Cakra Buana misur deui : kasép anaking mun
hidep engké réngse nampi pancén ti ama pikeun nerusken perjuangan jadi ais
pangampih di ieu Nagara, sing bener-bener jadi pamingpin anu guna aya mangfa’atna
tur bersih ogé berwibawa, dimana nyangking kaluuhan di ieu nagara téh bakal di
tungtut konsekuensi anjeun salaku ais pangampih di ieu nagara, jeung bakal loba
tantanganna, nu matak kudu di tunjang ku pendidikan. Sangkan bisa sagolek
pangkek sacangred pageuh, moal unggut galinduan moal gedag ka anginan, kudu
boga sifat anu opat, diantarana hiji kudu jujur dina nyarita, enya ceuk enyana
lain kudu ceuk laina, kaduana nyaéta kudu bener-bener ngalaksanakeun amanah,
luyu jeung kasangupan anu tangtu, heulaanan anu aya dina awak sorangan, ulah
waka nuduh kanu jauh, nyawang kanu anggang, anu katiluna sing apik berang
dahar, naha éta nu di dahar ku anjeun téh ladang basilat, naha ladang koropsi,
sabab bisi jadi kulit jadi daging jadi sungsum jadi balung jadi bagal
pangawasa, sabab manusa béda jeung sato, sato paéh saukur semet bilatungan tapi
jelema sajaba ti bilatungan téh bakal panggih jeung balitungan. Anu ka opatna,
nyaéta hidep ulah ngaluarkeun cai panon sakumaha menang paristiwa, sababna dina
perjuangan yakin hidep téh bakal manggih kaperih kanyeri jeung sajabana, moal
teu kitu sabab dina perjuangan mah bakal aya pengorbanan. Tah kitu kasép mangga
ayeuna mah gera miang, prung geura lumaku, bral geura lumampah. Sakitu ti Ama.
saparantos aya hibar kitu mah ieu dua putra Raja téh
undur tipayunena, seja tatahar pikeun saémbara dina dinten énjing.
Nitih wanci nu mustari, ninggang mangsa nu utama ieu
saémbara badé di kawitan, saparantos ieu Goong kabuyutan di takol ku mang
Léngsér, nya Deeerrr éta saémbara téh dikawitan....
Berang ka ganti ku peting, poé ka ganti ku mingu,
Mingu ka ganti ku bulan, kacarioskeun ieu lalampahan Radén sereh dugi ka hiji
palemburan nu katelahna lembur cilopang, kabeneran di éta lembur téh aya hiji
kariaan nangap kuda lumping, sora gendang marakpak mirig para juru ibing nu
keur ngibing, dina tengah-tengah nu ngibing meledug hasep parukuyan meni ngelun
minuhan jomantara nyambuang di sabuderena.
Nangenan yén Radén Kaso mah teuacan dugi ka lebah hanjat
kaddinya téh, ieu Radén sereh hanjat kadarat seja ngarerehkeun kacapé, bari
ningali éta kariaan, nanging rerehna Radén sereh téh lami pisan bakating ku
pogot-pogotna ningali éta kariaan, atuh anjeuna kapihelaan ku Radén Kaso.
Saparantos uningaeun yén Radén Kaso parantos tebih
tipayun, ieu Radén Sereh ambek, bengetna beureum lir besi atah di belem, ieu
kuda lumping di candak terus di balangkeun kana gawir dugi ka éta kuda lumping
téh napel dina gawir. Pok Radén Sereh misaur : kurang ajar bangkar warah
daripada aing kapihelaan lewih hadé tutumpuran, kajen kumaha aing kudu jadi
Raja. Teras ieu Radén Sereh ngaluarkeun kasaktianna, anjeuna mubus kana lebet
taneh seja nyusul rakana Radén Kaso.
Teu kantos lami ti harita ieu Radén Sereh mucunghul
tina lebet taneh, bréh téh aya di hiji wewengkon, dina implengana éte téh
wewengkon Talanca, padahal étamah kalebet wewengkon Ciroyom, teu kantos lami
jol mang Léngsér nepangan ka Radén Sereh
Pok misaur : pangapunteun Radén ieu
mang Léngsér seja ngadugikeun pisaur tuang rama Prabu wiréh Radén diantos dikaraton
seja nyakséni di istrénan nana Radén Kaso janten Raja. Saparantos sasauran kitu
mang Lengsér indit deui,
nanging ieu Radén Sereh alimen kakaraton deui da
saurna kanggo naon ka karaton ogé ngan ukur nandangan wirang, anjeuna miang
seja ngalalana, niti-niti pancaniti nété-nété barurungsit.
Nya atuh ieu Karajaan Cakra Buana téh langkung
majeng saparantos di Rajaan ku Radén Kaso Cakra Buana.
Dugi ka ayeuna walungan nu di damel ku Radén Kaso di
sebatna walungan Cikaso, kitu deui walungan nu di damel ku Radén Sereh di
sebatna walungan Cisereh. Sarta kuda lumping nu di balangkeun ku Radén Sereh
katinggali wetaneun simpang dago dina lamping Cisereh
Buktos carios tadi. Walungan nu di damel ku Radén
kaso di sebatna walungan cikaso sarta walungan nu di damel ku Raén sereh di
sebat walungan ci srerh, dugi ka kiwari walungn ci kaso jeung ci sereh caina
teu pantos ngahiji, sabab walungan cisereh ngamuara ka walungan ci sereh, saur
sepuh mah tilas mubusna Radén sereh, teras kuda lumping nu di balangkeun ku
Radén sereh tiasa katinggal dina lamping belah wétan.
Sakitu carios anu kapihatur mugia sa sieureun
sabenyeuren janten pi entengen pikeun urang sadaya hirup kumbuh di alam dun’ya.
Garapan. Jepi supriatna s
Jampang
kulon. Sukabumi.